Postingan Terbaru

Batu Hitam yang Terluka

Gambar
Ilustrasi| Pexels.com/Kàssia Melo di pertigaan yang pernah kita jumpai  aku melihat kembali batu tulis itu  yang kini sudah berwarna hitam pekat  dan tulisan kita tak jelas lagi kini, tak ada lagi saksi kita di batu hitam yang penuh kenangan  di pertigaan tempat dulu kita berjanji  di depan tulisan yang dulu dicintai batu hitam itu benar-benar terluka  karena sudah terpecah setengah  antara lambang hati yang pernah kita ukir  di bawah tulisan cinta yang satu hati rasanya, kita menanamkan luka  yang amat dalam dan kini berbunga  bunga hitam yang penuh kegelapan  di antara jiwa-jiwa kita yang semakin berjauhan  aku merenung di depan ini,  menafsirkan semua luka di batu itu  ada getir, ya, ada getir yang terasa merasuk hingga masuk ke dalam hati yang sudah alfa  untukmu; untuk dirimu yang meninggalkan 2024

Cinta

Cinta


Meuni karasa pisan haté asa teu paruguh. Beuh, kuring jadi nalangsa ku nu ngarana cinta. Rék leumpang, inget ka raray manis nu nempél di si Néng Tati. Duh, kunaha atuh hirup téh jadi oyag kieu ku kalangkang kembang désa nu dipikanyaah, tapi teu tiasa dipikaboga. 

"Aa, néng saminggon deui badé tunangan!" Kalimah éta sok kainget waé ku kuring. 

Cinta émang matak nyeri; matak teu sumanget hirup. Badan nu jagjag waringkas, kunaha bet ngagubrag ku cinta. Duh, kuring jadi teu bisa walakaya. 

Panonpoé geus rék balik deui ka asalna, kuring masih kénéh nyanghareupan cangkir kopi nu haseupna masih katingali ngebul. Ngalamun. Ngomé hapé. Haté asa teu sudi ningali kembang désa putri raja tunangan ka lalaki lain salain jeung kuring, mah.

Salila kuring ngalamun, otak téh nembongkeun ilham pikeun bisa nikung jalma nu rék tunangan jeung Néng Tati si awéwé manis téa. Tina éta ogé, kuring langsung ngaléngkahkeun suku ka tempat nu purah ngamodif.

"A, rék ka mana?" Si Mang Kosim nanya. 

"Ka dieu, Mang," waler kuring. 

Kirang leuwih dua puluh menit, kuring nepi di hareupeun tempat modifikasi. Kuring teu loba mikir deui, teras asup ka tempat éta. Di jero aya lalaki maké baju bodas, calanana bodas, aya kumisan saeutik, teras jenggotna ogé jiga anyar dicukur. Rék naon ka dieu? Lalaki éta nanya ka kuring, teras ku kuring téh teu loba mikir deui langsung diwaler: 

"Abdi, badé ngamodif raray jiga siga di na foto ieu!" Kuring nembongkeun foto lalaki calon tunangan Néng Tati. "Tiasa, teu?" 

"Gampang nu kieu mah." 

Haté kuring jadi leuwih aya harapan deui ari kieu mah, pikeun tiasa hirup jeung Néng Tati téh.[]


2020

Komentar

Tulisan Favorit Pembaca

5 Cakupan Tindak KDRT dan Akibat yang Bisa Terjadi, Pasutri Wajib Tahu!

Salar de Uyuni, Cermin Raksasa yang Ada di Bolivia

Lelaki yang Patah Hati

Di Balik Jendela Kaca

SEMBUH ITU KEINGINAN